Tadi peuting caritana aing keur nonton tv. Di tengah-tengah keasikan nonton, si Rudi datang ka imah aing. Terus diuk di gigireun (emang euweuh kaera, teu punteun teu naon. Jol asup weh). Ningali aing nu keur asik nonton, si Rudi tatanya.
“Nonton naon, broh?” tanya si Rudi.
“Nya nonton pilem atuh. Piraku nonton iklan.”
“Heueuh pilem naon?”
“Ieu.. sinetron.” jawab aing, ngajelaskeun. “Rame siah, komo pas si pemeran utamana kecelakaan, sok gereget euy.”
“Gereget mah gereget weh, ulah bari ngegelan remot kitu atuh.”
“Heueuh, kabawa emosi euy. Heuheu.”
“Saya mah sok aneh ka sinetron teh, broh.” ceuk si Rudi, bari nonggeng dina korsi.
“Aneh kumaha maksudna?” jawab aing nu rada panasaran oge.
“Nya kitu, bayangkeun weh...”
“Teu kabayang ah.”
“ACAN EUY NGAJELASKEUN NA OGE!”
“Oh heueuh. :(( santai bro, santai. Sok jelaskeun, kumaha?”
Si Rudi mulai ngobrol ngaler-ngidul.
Intina mah, di dunia sinetron teh loba nu teu asup akal, ceuk si Rudi teh. Pas ku aing dipikir-pikir deui, ternyata omongan si Rudy teh aya benerna oge.
Berikut ieu hasil obrolan aing jeung si Rudy tentang hal nu aneh-aneh tapi aya di pilem sinetron:
1. Adegan Bayi Pahili
Aneh tapi beneran aya. Teu kapikiran oge kumaha caritana eta bayi bisa pahili jeung bayi nu lainna. Masalahna, eta bayi kan lahirna di rumah sakit. Piraku euweuh tanda kelahiran? Maenya bisa pahili kitu?
Aing mulai curiga, eta bisa pahili kitu teh bisa wae emang dihaja? Jadi indungna ngahaja nukeurkeun bayina jeung bayi batur. Missal kejadianna di rumah sakit, aya dua ibu-ibu nu karek ngalahirkeun.
Sebut weh bu Ani jeung bu Nina.
“Duh, anak ibu meni lucu kitu.” ceuk bu Ani, pas ningali anak bu Nina.
“Ah maenya? Goreng kieu huluna meni buleud.”
“Ai ibu hayang budak nu huluna kumaha kitu?”
“Hayang nu kotak ah, meh lucu.” jawab bu Nina, nu teuing resep ka Spongebob atau emang keur mabok.
“Nya geus hilian atuh jeung anak saya?”
“Emang anak ibu huluna kotak?”
“Ah nteu, nya tutupan weh ku kardus indomie.”
“Sok atuh hilian?”
Bayi mereka pun dihilian.
Kan gablag~ :((((
Mun misalna sandal pahili di masjid, eta mah wajar keneh. Ieu mah anak jelema atuh. Duh Gusti.
2. Tabrakan Jadi Ajang Kenalan
Pernah ningali adegan lalaki nabrak awewe make mobil terus jadina kenalan? Lamun kalian penonton setia sinetron, pasti pernah. Aneh, naha ditabrak mobil bisa jadi kenalan? Atau cara kenalan teh emang kitu?
Merinding euy.
Lamun cara ngajak kenalan teh emang nabrak awewe, aing oge haying atuh. Misalna aing keur nyetiran mobil di jalan raya, di hareup teh katingali awewe rek nyebrang, tah kari tancep gas weh. ‘JEGERRR!’ aing pun meunang kenalan. Oh nikmatnya hirup..
Tapi lamun di dunia nyata, kajadian kitu lain meunang kenalan awewe geulis. Nu aya kenalan jeung biaya operasi rumah sakit.
3. Getok Magic
Di dunia sinetron, aya nu namana jurus “Getok Magic” nyaeta jurus nu bisa nyieun amnesia ngadadak. Jurus ieu make gaya Bineka Tunggal Ika: berbeda-beda cara tapi tetep satujuan. Carana bisa keur leumpang terus tisoledat, bisa huluna ditakol ku botol, atau oge ngahaja ngajedugkeun hulu ka batu karang, pokokna macem-macem. Tapi tujuana ngan hiji, meh hilang ingatan.
Contoh nu paling sering dipake nyaeta tisoledat. Ilustrasina siga kieu:
Sebut weh ngarana si Jajang. Di caritakeun si Jajang teh keur leumpang di perumahan. Anggap weh si Jajang teh karek diputuskeun ku kabogohna. Jadi hatena keur galau pisan.
“Ah euy, teu bisa mensyukuri awewe teh.” ceuk si Jajang jero hate, bari najongan botol aqua. “Lainna nganuhunkeun boga kabogoh siga aing, ngadon mutuskeun si kehed teh.”
Sapanjang jalan, si Jajang terus kukulutus bari najongan keneh botol aqua. Dasar weh keur galau, si Jajang leumpangna tungkul ningali ka handap. Si Jajang teu apaleun mun di hareupeunna aya tihang listrik nu biasa dipake keur nempelkeun stiker caleg. Pas si Jajang tanggah, reuwas meureun ningali poto calegna keur nyengir bari buligir. Puguh weh si Jajang langsung ngajleng ka sisi, niatna mah rek ngahindar ti tihang eta, ai pek teh nincak cangkang cau. Jadi weh tisoledat ka solokan.
Pas geus sadar, si Jajang langsung teu apal nanaon, “Aduh, ai aing di mana? Ai ngaran aing saha? Ai ieu duit saha dina saku aing? Oh ieu mah duit aing.” inget weh ai kana duit mah. :((
Si Jajang langsung nangtung, kaluar ti solokan. Pas rek kaluar, teu kahaja labuh deui, huluna ngajedug deui kana tembok solokan, ‘BLETAKKK!’ si Jajang pingsan deui. Pas sadar, langsung inget, “Naha aing aya didieu? Naha hulu aing retak? Aduh, jantung aing murag di mana euy?”
Pokona kitu weh lah.
4. Lalaki Kasep Jadi Tukang Ojeg
Tah, ieu nu paling teu asup akal. Aya lalaki kasep nu gawena jadi tukang ojeg. Anehna deui, naha kudu jadi tukang ojeg? Pas keur ngobrol jeung si Rudy, aing sempet ngarundingkeun masalah ieu.
“Asa ku aneh nya, broh.” ceuk si Rudy ka aing, “Piraku aya lalaki kasep nu jadi tukang ojeg?”
“Naha aneh kumaha aisia?”
“Heueuh, piraku kasep-kasep jadi tukang ojeg?” jawab si Rudy, “Eta mun beneran aya di dunia nyata, aing minder da naek ojegna. Kajeun aing nu nyupirana, si kasep eta jadi penumpangna. Asa teu keren weh beungeut penumpang eleh ku tukang ojeg mah.”
“Bener oge ketang, maneh logikana edan pisan euy.”
“Enya atuh, saha heula? Aing tea~”
“Heueuh, sia tea~”
“Jeung nu leuwih anehna deui, naha kudu jadi tukang ojeg? Kan manehna teh boga beungeut kasep atuh." sambung si Rudy, "Nya, mun ceuk aing mah jadi naon lah kitu. Boga beungeut kasep kitu mah kan bisa jadi artis? Miluan maen sinetron, merankeun tukang ojeg. Bener teu, broh?”
“AH MASIA WEH, TARJUUUU ! LIEUR!”
Rudy pun diusir ku aing.
***
Amanat tina Carita iyeu :
Tong loba teing nonton sinetron, mending nonton acara nu edukatif, nu mendidik, sangkan tontonan eta bisa jadi tuntunanan Pikeun Urang . .
Cukup sekian & TERIMAGAJIH :((